Sabtu, 23 Mei 2015

Kumpulan Carita Sunda Lucu Bodor Mantak Seuri

Kenalken hela gan Nami abdi 

Ma'mun Munajat

3 pamuda naraek taksi,
3 pamuda nu keur marabok nyetop taksi. Ceuk Sopir Taksi na jero hatena: "ieu jelema gawena ngan marabok wae, digawean siah ku aing".
Sanggeus eta 3 pamuda naraek taksi, supir ngahurungkeun mesin sakeudeung trus dipareuman deui.
Supir : "Parantos dugi den, mangga tarurun"
Pamuda ka-1 turun bari mayar, nu ka-2 sasalaman bari ngomong nuhun.
Ari pamuda ka-3 pas turun kalah nyabok, bari ngambek: Engke deui mun mawa taksi tong ngebut2 kitu lah bahaya! kalem we nyupirna!=D X_X.
Supir taksi: Dasar jelema garering..:/ :D =)) =D

Mie panyabab ka Naraka
HATI-HATI.......
8 jenis MIE nu t'meunang dikonsumsi sbb bisa ngakibatkn ka naraka, nyaeta:
1.mie dua ALLOH.
2.mie mie susu lain muhrimna.
3.mie luan aliran sesat.
4.mie kiran teuing dunia.
5.mie harep asup surga ku amalan goreng.
6.mie lampah pagawean setan.,
7.mie ceun runtah kana beungeut mitoha.
8. Mie kul pamajikan batur..:D

Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"